SANDI AMBALAN PRAMUKA PENEGAK KI HAJAR DEWANTARA –
RADEN AJENG KARTINI SMK NEGERI 1 CIANJUR
SATRIA MANDALA GUNA
Deg, ngadeg anjeun dipangadeg
Sujud ka nu Agung
Sumerah diri ka nu Maha Kuasa
Ibadah ka nu Maha Esa
Milampah kahadean ngaharumkeun Nagri
Hei..... lalanang jeung wanoja
Tong poho dimana anjeun dilahirkeun
Tong poho dimana asal tempat anjeun
Sugih mukti tempat anjeun dilahirkeun
Sugih mukti tempat asal anjeun
Sabab anjeun ksatria sajati
Sajanan ngalengkah diharepeun ngan aya jurang jeung jurang
Anjeun tetep kukuh tetep pengkuh
Dina ngalakonan hirup
Salila gusti mikaasih
Dina ngagapai harapan anu nyata
Ngudag tujuan nu mulya
Kujang jadi bukti
Anjeun ksatria sajati
Ngadidik ngatik tur ngais nu leutik
Ngagambarkeun wanoja nu sasari
Jung indit teangan pangalaman hirup
Udag cita-cita nu luhur tur mulya
Jeung balik mawa hasil dina kabagjaan
Jeung kamulyaan
Bias, pasti bisa, luar biasa
Geen opmerkings nie:
Plaas 'n opmerking